Selasa, 23 November 2010

Pagelaran Pintonan Bidang II

Dina dinten kemis atawa jumaah, Bidang II baris ngayakeun Pagelaran Pintonan dina raraga mapag Pembukaan Diklat LISENDA, SAMBADA, TURUS jeung KPLH PANCAKSUJI. Kagiatan ieu diayakeun supados Calon Anggota/Pangurus di Minat jeung Bakat tiasa miboga sawangan dina nyanghareupan Diklat di subbidangna sewang - sewangan.

Dipiharep sadaya Calon Anggota/Pangurus tiasa sumping dina kagiatan ieu. Kumargi kagiatan ieu kacida penting kanggo kahareupna. Insyaallah kagiatan ieu dikawit tabuh 19.30 di Barreti (payun Villa Isola pami cuaca ngarojong) atawa di Basement. Pintonanna insyaallah moal matak jadi hanjakal engkena.

Sakitu anu kapihatur. Hatur nuhun parantos sumping dina blog ieu.



CP LISENDA: 08381072641 (Imam Rakhman Hakim)

Minggu, 21 November 2010

MATERI DIKLAT

Materi di Diklat LISENDA kabagi jadi 2 bagean, nya eta:
- Materi Kelas
- Materi Lapangan

1. Materi Kelas, nya eta materi nu di tepikeuna mangrupa teori atawa pembekalan sateuacan materi lapangan. Dina materi kelas ieu aya sababaraha teori nu kudu di pikaharti jeung di terapkeun dina pas prungna Pagelaran. Materi Kelas di dieu nya eta:
 a. Keproduksian
 b. Artistik
 c. Make up
 d. Harmonisasi

2. Materi Lapangan, nya eta materi penjurusan atawa materi pintonan. Dina hal ieu pamilon praktek langsung kana garapanna sewang - sewangan.

DIKLAT LISENDA 2010 - 2011

Lingkung Seni Sunda Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia, muka pendaftaran anggota anyar Lingkung Seni Sunda nu baris dilumangsungkeun ti kaping 29 November - 03 Desember 2010.

Logo Lingkung Seni Sunda Hima Pensatrada